« »
« »
« »
Get this widget

Jumat, 19 Maret 2010

Naskah Khutbah Idul Fitri "NI'MATNA SHOUM RAMADHAN"

Puji sinareng syukur kasanggakeun ka dzat Nu Maha Ghafur, kalayan taufik, hidayah sareng inayah-Na urang sadaya tiasa nyumponan kana salah sawios rukun Islam, nyatanya puasa salami sasasih. Mudah-mudahan ibadah saom urang ditampi ku Allah SWT kalawan diwuwuh ku karidoan Mantena, amin. Sholawat kalih salam mugia salamina dilélérkeun ka panutan alam nyatanya habibana wanabiyana Muhammad SAW.

Hadirin, jamaah Idul Fitri rohimakumulloh.
Ibadah saom diwajibkeun ka urang sadaya salaku umat Islam ngarupakeun sarana ujian ti Allah anu buah tina lulusna ujian éta uarang sadaya baris dicap sebagai “mutaqin”. Derajat mutaqin ieu ngarupakeun derajat anu paling dipikapalay ku sadayana umat Islam. Sabab surga anu legana samparan bumi jeung langit diéstukeun keur jalma anu mutaqin. Sakumaha pidawuh-Na :

Jeung kudu gagancangan aranjeun dina ngahontal panghampura Pangéran maranéh jeung ngahontal surga anu legana samparan bumi jeung langit anu dicawiskeun keur jalma anu mutaqin. (QS. Ali Imran : 133)

Ujian beurat tawa hampang ditibankeun ka jalma gumantung kana kelas jeung kamampuhanana. Contona ujian di sakola, soal keur budak SD moal sarua jeung soal keur budak SMP jeung saterusna. Kitu deui kadar kaimanan hiji jalma bakal diujina ku Allah gumantung kana tingkatan hiji-hijina jalma. Dina hal ieu Allah SWT moal ngantep kitu-kitu waé ka jalma anu ngaku dirina iman bari acan diuji. Sakumaha pidawuh-Na :

Alif laam miim. Naha manusa téh ngaréken yén maranéhna bakal diantepkeun (kitu-kitu baé) ngaromong : Abdi sadaya iman, sedengkeun maranéhna teu diuji ? Jeung saéstuna Kami geus nguji ka jalma-jalma saméméh maranéhna. Mangka satemenna Allah uninga ka jalma-jalma anu jujur jeung Allah ogé uningaeun ka jalma-jalma anu barohong. (QS. Al-Ankabut : 1 – 3)

Hadirin rohimakumulloh,
Saupamina dina prédikat haji aya istilah haji makbul, haji mabrur, tawa haji mardud. Saleresna dina ibadah saom ogé sami aya istilah ieu, nyaéta saom anu paling dipiharep kuurang sadaya taya sanés saom anu makbul tur mabrur. Saom anu makbul hatosna saom anu ditarima ku Gusti Allah kalawan teu géséh saeutik-eutik acan sasuai jeung gawé urang sadayana. Luyu sareng jangji Mantenna :

Mangka Pangéran maranéhna nyumponan kana paméntana (kalawan ngadawuh) : Saéstuna Kami moal mopolérkeun kana amalna jalma-jalma anu beramal di antara maranéh, imma lalaki waimma awéwé” (QS. Ali Imran : 195)

الله اكبر الله اكبر الله اكبر ولله الحمد

Minagkana tahaduts binni’mat urang sadaya ngarasa dina jiwa urang téh aya saeutik-eutikeun setruman iman. Anu Alhamdulillah wasyukrulillah geuning saom anu saméméhna dianggap beurat jeung seungah téh geuning teu burung tamat. Nanging raraosan kitu téh mémang teu dilepatkeun tapi kirang saé numutkeun ahli ibadah mah. Sabab justru jalma anu maqom ibadahnya tos nyorang kana derajat béh luhur mah justru paragatna jeung bulan Ramadlan téh maranéhna ngarasa hanjelu, nalangsa. Alesanana nyaéta yén maranéhna gedé kayakinan yén teu aya deui kasempatan keur ngalintuh-lintuh amal hadé lintang di bulan suci Ramadlan.
Sabalikna keur urang anu ngarumasakeun masih kénéh canéhdér iman, malah sabalikna sababaraha poé deui rék manggih lebaran téh bungah bungangang anu taya papadana. Mun sok komo lamun dibéré rijki anu rada loba. Bisa sagala kabeuli, kumpul riung jeung kadang wargi, silih lubarkeun dosa silih papatkeun kasono. Bisa liar deui abring-abringan, sukan-sukan balakécrakan. Malah lamun dititénan mah jalma anu pangsagedna sukan-sukan dina lebaran téh justru jalema-jalema anu teu pati paruasa.
Istilah anu séjénna nyaéta saom anu mabrur, nyaéta saom anu hadé tur meunang peunteun anu luhur. Nanging keur saom anu modél ieu urang bakal leuwih beurat mempertahankeunana. Sabab urang diperedih kudu bisa puasa di luar puasa. Lamun dina bulan puasa urang rajin tadarus, sholat sunat, zakat, sodaqah jeung sajabana. Tangtu di luar bulan puasa gé kudu bisa ngadawamkeun éta amalan. Lamun di bulan puasa teu meunang ngabohong, ngadu-ngadu, mitnah, ngomongkeun kagoréngan batur, déét ambek, jeung sajabana. Kitu deui di luar bulan puasa urang kudu bisa ngered éta akhlak anu garoréng.


الله اكبر الله اكبر الله اكبر ولله الحمد
Pamungkas, hayu urang ngadu’a ka Gusti Nu Maha Suci, mudah-mudahan saom urang sadaya ditampi kumanten-Na kalawan diwuwuh ku keberkahan. Amin ya robbal ‘alamin.

بارك الله لى ولكم ولجميع المسلمين ونفعني من الاية والذكر الحكيم وتقبل مني ومنكم تلاوته انه هو الغفــــور الرحيم

Tidak ada komentar: