« »
« »
« »
Get this widget

Selasa, 09 Maret 2010

Biantara Pamitan angkat ka Tanah Suci



Jeung kudu ngahiap anjeun ka jalma-jalma pikeun ngalaksanakeun haji, tangtu maranehna bakal daratang ka anjeun bari dina kaayaan nikreuh leumpang, jeung aya oge anu tumpak onta begung (dina harti ku jauhna jeung kacida hese belekena ngumpul-ngumpul bekel pikeun munggah haji) anu datang ti tiap-tiap pelosok dunya. (Al-Hajj : 27)


Sim kuring dina danget ieu parantos buleud kayakinan sarta teunenung ludeng taya rereged, taya tedeng aling-aling sadaya-daya pasrah sumerah sapuratina ti handap sausap dampal ti luhur sausap rambut, getih setetes, ambekan sadami ikhlas ridlo lillahi ta’ala kasanggakeun ka Alloh anu ngurbeng ieu alam. Dina ibadah haji aya hiji isyarat anu dimimitian ku IHROM, mung dua lambar lawon bodas, teu aya perhiasan anu dianggo, bulucun ditaranjang, taya cacah taya menak, taya raja taya kuring sadayana seragam. Ieu isyarat ku sim Kuring dilenyepan yen sakabeh jalma dipayuneun Alloh Robbul ‘Ijjati teu aya anu lengkung onjoy, teu dipandang tina rupa jeung dunya tapi estu tina eusi hate kaikhlasannana jeung katakwaannana. Kuring mios ka Tanah Suci leres-leres dumasar kana kudrot sareng irodatna Alloh SWT, tiasa kagambarkeun ku urang sadaya (opat jalmi sekaligus) merangkat hakikat nyaosan panggilan Alloh.
Sim kuring mios dina dinten ieu teh aya raos beurat, aya oge aya raos hampang. Abotna sim kuring sanes dina harti urusan anak jeung harta, nanging abotna sim kuring dina urusan kalintang seueurna amalan-amalan ibadah haji anu kedah kacumponan, nanging kabeung-beurat ieu mah rupina gampil diatasina nyaeta kantun langsung muntang tawakal ka Alloh, Insya Alloh bakal digampilkeun. Nanging kabeungbeurat anu paling sangget nyaeta nyingkahan rasa hate tina sifat RIYA, UJUB jeung TAKABUR. Manawi aya rasa euleuh, aya rasa gidig jeung rasa hayang dipandang ku papada jalma.
Sedengkeun rasa hampang sim kuring taya sanes, syukur Alhamdulillah dina manah sim kuring aya rasa TAKORUB ka Alloh kalayan ikhlas jeung tawakal. Malihan ti saminggon kapengker sim kuring ngadadak gegebegan bae, ratug jantung tutunggulan, guligah teu raos neda teu raos leueut. Kumejot teu kuat hayang geura-geura dugi ka Baetulloh, hayang geura-geura dugi ka pusara pendeman Rasulullah SAW, manusa pilihan Alloh anu pang mulyana sejagat raya. Sim kuring hayang geura-geura dumeuheus ka anjeuna, uluk salam laporan diri yen kuring teh umat ajneuna anu Insya Alloh satia kana ajaran sunnahna, malahmandar salira gamparan tiasa ngankeun sim kuring salaku umatna. Di yaumal jaza keunging syafa’atu’ udzma.
Hayu dulur-dulur, mangga baraya sadaya sim kuring pamit oge titip sekaligus wasiat :
Kahiji, sakumaha wengi tadi sim kuring sasanggem, wirehna sim kuring dina danget ieu diamanahkan ku Alloh SWT ku dua budak, bilih dipondokkeun yuswa, titip pendidikannana, titip agamanya. Insya Alloh keur pibekeleunana mah aya.
Kadua, wasiat ku takwa.

Tidak ada komentar: